Padamelan Rasul-rasul 22
"Dulur-dulur, Bapa-bapa! Sim kuring amit seja ngahaturkeun katerangan."
Ngadarenge anjeunna sasauran ku basa Ibrani, jalma-jalma teh beuki jarempling. Paulus nyarios deui,
"Sim kuring teh urang Yahudi asal Tarsus di Kilikia, digedekeun di dieu di Yerusalem, guguru ka Gamaliel. Ku anjeunna dididik enya-enya kana Hukum Musa karuhun urang, nepi ka jadi jelema anu suhud ngalakonan parentah Allah cara aranjeun anu ayeuna araya di dieu.
Sarta tadina purah nganiaya anu nyarekel eta agama anyar sina paraeh. Lalaki, awewe, diseredan ka pangbuian.
Bisi teu palercaya, tanyakeun ka Imam Agung jeung ka Mahkamah. Dina hiji poe kaula indit ka Damsik, mawa surat katerangan keur urang Yahudi di ditu, rek nangkepan nu karitu, rek dibawa ka Yerusalem supaya dihukum.
"Sabot keur lumaku geus deukeut ka Damsik, kira-kira tengah poe ngadak-ngadak kaula kasebrot ku hiji cahaya anu moncorong ti langit,
nepi ka tibeubeut kana taneuh. Ngeng ngadenge aya soara, ngalahir kieu, ‘Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?’
Walon kaula, ‘Saha Juragan teh?’ Waler-Na, ‘Kami teh Yesus urang Nasaret, anu ku maneh dikaniaya!’
Babaturan kaula nya narenjo cahaya tea mah, tapi teu ngadarengeeun kana soara anu ngalahir ka kaula.
Kaula unjukan deui, ‘Kedah kumaha abdi teh, Gusti?’ Waler-Na, ‘Geura hudang, teruskeun ka Damsik. Engke di dinya bakal aya anu ngabejaan pilampaheun maneh sakumaha pangersa Allah.’
Ku sabab katojo ku cahaya anu sakitu moncorongna tea, kaula jadi lolong, nepi ka ditungtun ku babaturan asup ka Damsik.
Di Damsik aya hiji jelema ibadah, tigin kana Hukum Musa, diarajenan ku urang Yahudi anu di daritu, jenenganana Ananias.
Sumping ka kaula ngadeg hareupeun. ‘Saderek Saulus,’ saurna, ‘geura iasa ningali deui!’ Sapada harita keneh kaula bisa deui ningal, sarta awas ka anjeunna.
Saurna deui, ‘Saderek parantos dipastikeun ku Allah karuhun urang supados uninga kana pangersa-Na sareng ka Putra-Na anu langkung saestu, supados ngadangu kana gentra tina lambe-Na ku anjeun.
Margi saderek bakal dijadikeun saksi Anjeunna, kedah mertelakeun ka sadaya jalmi sagala perkawis anu ku saderek parantos kadangu sareng katingali.
Mangga ayeuna urang baptis, bade ngantosan naon deui? Geura sasambat ka pajenengan Gusti, nyuhunkeun dihapunten sagala dosa.’"
"Kaula balik deui ka Yerusalem, tuluy sembahyang di Bait Allah. Breh aya titingalan,
ningal Gusti. ‘Maneh,’ lahirana-Na, ‘kudu buru-buru ingkah ti Yerusalem, sabab urang dieu moal daraekeun narima pertelaan maneh tina hal Kami.’
Piunjuk kaula, ‘Gusti, kapan eta teh tarerangeun yen abdi tukang ngagerebeg tempat-tempat ibadah, nangkepan sareng mergasa jalmi-jalmi anu palercaya ka Gusti.
Sareng tangtos tarerangeun abdi kantos nyaksian saksi Gusti pun Stepanus dipaehan, tur nyatujuan. Malah papakean anu maraehanana oge abdi anu mangjagakeun.’
Waler-Na, ‘Kajeun, indit bae. Sabab maneh ku Kami rek diutus ka nu jauh, ka bangsa sejen.’"
Barang Paulus nyariosna nepi ka dinya, jelema-jelema anu tadina jarempling teh terus tinggarero meak-meakkeun tanaga, "Singkirkeun eta jelema ti alam dunya! Paehan! Hirup ge teu pantes!"
Tinggarerona bari ngebut-ngebut jubah jeung ngalawurkeun taneuh ngebul ka luhur.
Ku sabab kitu komandan pasukan Rum teh marentah ngasupkeun Paulus ka jero benteng, jeung marentah supaya Paulus dirangket pikeun nganyahokeun sababna eta jelema-jelema nepi ka kitu tinggorowokna ka anjeunna.
Tapi barang ditalian rek dirangket, Paulus ngalahir ka perwira nu di dinya, "Naha wenang anjeun ngarangket warga karajaan Rum memeh perkarana dipariksa?"
Ngadenge kitu eta perwira tuluy unjukan ka komandan pasukan, "Bapa, kumaha, eta jalmi teh geuning warga karajaan Rum!"
Komandan nyampeurkeun ka Paulus tuluy mariksa, "Na enya maneh warga karajaan Rum?" "Leres," waler Paulus.
Saur komandan, "Kami mah jadi urang Rum teh meuli mahal pisan." Waler Paulus, "Sim kuring mah ti barang lahir."
Paulus teu tulus dirangket, anu rek ngarangketna harita keneh undur. Ari komandan pasukan sanggeus uningaeun yen Paulus warga karajaan Rum, jadi sieuneun pedah geus ngarante ka anjeunna.
Tapi komandan pasukan hoyongeun uninga, tina pasal naon saestuna panuding urang Yahudi ka Paulus teh. Nu matak poe isukna sanggeus ngalesotkeun borgol Paulus, anjeunna miwarang supaya para imam kapala jeung sakumna anggota Mahkamah karumpul pikeun mariksa Paulus.